Newest Post

// Posted by :euis permata // On :Rabu, 18 Januari 2017




KELOMPOK A

Pembuat Naskah    :       1. Euis Permata

                           2. Ai Eliska

Penata musik       :      1. Arini Ainaki Nur Dinaqi

                           2. Nisa Rafa

                           3. Silvi Aryanti

                           4. Tatan Rostandi

Sutradara          :      Fithri Pranata

Dokumentasi        :      Gian Andika Pratama

Narator            :      Helmiyatul Halimah

Pemain                     :      1. Aji Permana sebagai Yoyo

2. Solehudin sebagai Dimas

3. Aditia Alpan sebagai Reza

4. Dena Yulandari sebagai Diana

5. Dini Anis sebagai Rini

6. Juliani Setia sebagai Siti

7. Dewi Kartini sebagai Odah

8. Nida Khofiya sebagai Nénéng

9. Ninda Agristina sebagai Raisa

10. Ika Mustika sebagai Ida

11. Resi Apriani sebagai Kokom

Tema               :      Persahabatan

Judul               :      Versus



Versus
          Di lembur na tutugan gunung aya 2 kelompok masyarakat anu teu bisa akur nyaéta Kampung Cihangseur jeung Kampung Sukamiskin.Didinya tanahna ngémploh héjo ku dangdaunan, tatangkalan ngajalajar, pasiup pasawahan anu upluk-ngaplak, walungan caina ngocor, saningrang hérang, pasiup éndahna alam priangan, harita wanci pecat sawed barudak ulin diburuan...........
Yoyo   :” kamarana barudak téh ? (bari leuleumpangan nulak cangkéng bangun     nu bingung) jaleuleu.............. kamarana ieu téh ? Jaleuleu.......... “
Kokom          : “ ja........ aya naon ieu téh euy ? “ ( bari lumpat nyampeurkeun si Yoyo )
Yoyo   : “ tah geuning, kadieu Kom! urang ulin yu ah.. kamarana batur cing gerowan deui ! “
Kokom          : “ jaleuleu............. ”
Ida    :” ja............... hey barudak jadi euy rék ngadu pangal teh? “
Yoyo   :  “hayu waé urang mah, méh ramé sok atuh gerowan heula batur ! “
Ida    : “ jaaaaaaaaleuleuuuu.............. “ ( sorana datar )
Yoyo   : “ yééééé.. lain kitu, kieu yeuh jaaaaleuleu............ ( sorana siga béncong )
Kokom          : “ haling ku urang ! manéh mah teu baleg pisan, Jaleuleu............. “
Odah  : “ jaaaa...... “ ( lumpat nyampeurkeun barudak )
Kokom          : “ tah ayeunamah geus ngarumpul, yu ahhh wang ulin ! “
Odah  : “ hayu, tapi rék ulin naon??? “
Ida    : “ ngadu pangal ahh.... “
Yoyo   :  “ Embung ah urang mah hayang ucing sumput “
Odah  : Heueuh urang ge sarua hayang ucing sumput “
Kokom          : “ sarua Dah urang gé hayang ucing sumput “
Ida    : “Embung atuh da urang mah hayang ngadu pangal ”
(Geus kitu torojol datang Siti)
Siti    : “Barudak kéla ...Ngiluan atuh euy urang “ (sabari lumpat )
Yoyo : “ Hayu hayu , tapi ieu téh aya dua kaulinan nu hayang dipaénkeun .
          Kumaha atuh? ”
Siti : “Naon waé kitu ?”
Yoyo : “ Ucing sumput jeung ngadu pangal ”
Siti : “Urang mah hayang ucing sumput”
Ida: “ heueuh atuh lah , sok atuh kusabab anu hayang maén ucing sumput lobaan ,urang gé miluan ucing sumput wé ! “
Yoyo : “ Sok lah ,, hayu atuh urang mimitian” (Bari ngasongkeun leungeun)
(Sabot maranéhna rék ngamimitian maén , si Yoyo ujug-ujug pupunduran ka tukang)
Kokom          : ( bari miceun beungeut ngabalieur ka tukang), “ kacida hah.... saha ieu nu hitut?? kawas nu geus ngadahar endog buruk waé, mani bauuu “ ( nada sinis) .
Yoyo   : “ heueuh mani bau, manéh nya Sit ? “
Siti    : “ naon ari manéh sok gagabah ngomong téh.... “
Yoyo   : “heueuh atuh hampura, da biasa na gé manéh pan nu hitutna sok bau endog     buruk mah, “ (bari sura-seuri tama éra).
Siti    : “ Tong sok suudzon aya buktina euweuh ngomong téh ?”
Ida    : “ Eunggeus lah répéhhaling ku urang wang buktikeun ! "
Tat tit tut daun sampeu
Saha nu hitut eta nu ngambeu
Dibawa ka saung butut
Ari balik pak celetut
 ( leungeunna nunyuk si Yoyo)
Ida    : “ manéh Yo ????? “ ( bari seuseurian ngalédék si Yoyo)
Yoyo   : “ naon da lain urang.... “
Siti    : “ Ngaku wé atuh Yo, ulah kalah nuduh ka urang  
( seuseurian ngalédék si Yoyo )
Yoyo   : “ pék wé ahh.. kumaha manéh, da urang mah teu hitut..bieu mah urang heureuy “
Barudak: (seuseurian), ” ahahaaaaaaaaa.... si Yoyo hituuuut, si Yoyo hituuuut.... “
Kokom: “ enggeus ahh!, karunya si Yoyo mani geus beureum kitu beungeutna,,”
Yoyo   : “ Heueuh atuh hampura , émang enya da urang nu hitut mah “ (bari tungkul)
Siti    : “ Eunggeus lah hayu urang mimitian ulin wé ! “
Odah : “Heueuh hayu ah.. eh saacan bubar maén endog-endogan heula yu ”
Kokom : “Hayu hayu hayu”
Endog endogan peupeus hiji pepeus kabeh prék..
Endog endogan peupeus hiji pepeus kabeh prék
Goléang goléang mata sapi bolotot
Barudak : (barudak saleuseurian) hahaha
Geus maén endog endogan, maranéhna ngamimitian ulin.
Siti    : “sok ah mimitian ! “ ( bari ngasongkeun dampal leungeun)
Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku............
Nénéng: “barudaaaakkkk... dagoan ! urang rék miluan, “ ( bari lumpat  nyampeurkeun   kelompok ucing sumput )
Dadah : “sok, buru atuh ! “
Nénéng:  “kéla atuh.. ari manéh sok ngarurusuh, puguh erok urang téh gejed “ (ujug- ujug labuh )
Yoyo   : “Ari manéh ulin mamaké anérok, maké calana ulin mah ! “(nada sinis)
Nénéng: “ baé wé kumaha urang, masbuloh....” ( nada sinis)
Siti    : “enggeus-enggeus, hayu ahh wang mimitian deui ! “ ( bari ngasongkeun dampal leungeun ).

Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré, bulu paré saseukeutna
Jol pa Dalang mawa wayang jrej jrek nong
         
Sabot maranéhna keur uplek ulin ,ujug ujug....
Raisa  : (keur popotoan ngagaya,teu kahaja ngadupak anu keur ngadu ucing sumput) “OMG hellowww... apa apaan sih? "
Yoyo   : “ Ari manéh leumpang téh teu neuleu (bari nangtung nulak cangkeng)"
Raisa  : “Ooppsss.. ( bari nutupan biwir) ...Ih tempo geura mani arupay nya
(bari ngaharewos ka baladna)”
(Lagu kamseupay jeung lagu sisindiran sunda)
Nénéng: “ Geus Yo lah , tong paraséa waééra”
Reza  : “ihh stopp... hentikan... pusing pala barbie ( bari kalakuanna gemulai) "
Raisa  : “ Ih.. ari manéh naha kalah ngabéla si kamseupay? "
 ( bari ngajangilek ka si Reza) "
Reza : “ Ih lain ngabéla , teu level boga urusan jeung urang kampungan mah, yu ah balik "
Ida    :” Kéla – kéla ,, naon maksudna manéh ngomong ka urang kampungan ? Ari manéh urang mana atuh ?
Reza  : “ Urang kota lah “
Raisa  : “ Heup... bukakeun heula payungna”
Reza  : ( muka payung) “Silahkan tuan puteri”
Kokom          : “ Euleuh deuleu éta kalahkah mukakeun payung “
Rini    : “ aya naon Sa? "(nada lembut)
Si Raisa nyaritakeun ka babaturanana yén manéhna teu ngeunah haté ku urang Sukamiskin.
Rini    : “Oh kitu.....Kalem Sa urang gé loba balad kénéh ( Si Rini niup piriwit ngagerowan baladna) “
(Datang Dimas jeung Diana )
          Sabot maranéhna geus rada deukeut ka nu ngarumpul. Maranéhna kalahkah gagayaan popotoan.
Odah : “ Ih..ih .. naon itu nu buburicakan jiga kilat "
Yoyo :” Geus répéh répéh éra kadéngé batur "
Reza : “ Tuh kan bener upay ceuk urang gé”
Rini : “ Ngaranna gé atuh urang kampung . Maklum we atuh "
( Ku sabab si Odah keukeuh hayang apal anu buburicakan éta naon, si odah ngadeukeutan Diana jeung Dimas anu keur popotoan di tukang. Si Odah beuki reuwaseun sabab ningali éta kamérana pak burinyai)
Odah : “Astagfirulloh.......... "
Dimas : “ Euleuh ..ieu saha ieu... "
Rini    : “ (nyampeurkeun Dimas jeung Diana)  Maju mundur cantik ..cantik..
Diana : "Ihh ari eneng saha "
Odah : “ Tepangkeun wasta abdi teh Odah Murkodah”( Bari nyodorkeun leungeun ka Diana) "
          Ujug –ujug datang Si Raisa nepak leungeun Si Odah (bring urang Sukamiskin nyampeurkeun si Raisa)
Raisa  : “ Ih.. nanaonan sih kenalan jeung si eta , ga level "
Odah : “ Emangna abi téh kunaon? "
Raisa  : “ Masih nanya kénéh ? Cing atuh manéh téh nyadar diri kalakuan sakitu katrona gé ,,, saruana jeung kampungna teu level “
Odah  : “ Ulah nyanyandak nami kampung atuh neng “
Raisa  : “ Emang kunaon ? Kasinggung ? Teu kudu mangkir deui lah da Kampung Cihangseur jeung Kampung Sukamiskin mah moal bisa salevel nepi keun ka iraha gé.. Jauh pisan coy ”
Rini    : “Yeuh nya,,,, buktina bieu pan di Kampung manéh nanaonan arulin ucing ucingansagala . Hari gini ?? Kampung urang mah nya geus tara ulin nu kitu. Game gé geus loba aya dina HP ,, babari dibabawa kamana-mana .. Modern gitu loh "
Dimas : “ Eunggeus Rin ulah sok manjangan pimasalaheun éra ku batur ! “
Diana : “ Lah.... ulah sok ngabéla waé batur geura Dim !” ( bari nyurungkeun Si Odah)
Dimas : ( Nyanggap Odah )
Yoyo   : “ Nanaonan manéh téh ? “
Diana : “ Emang kunaon? Masalah ? “ ( bari nulak cangkéng )
Yoyo   : “ Heueuh masalah ,, maranéh téh geus ngarendahkeun Kampung urang . Balaga pisan ,,,barisa naon maranéh téh sok lah buktikeun !” ( Si Yoyo nantang Kampung Cihangseur )
Reza  : “OK Satuju .. sok lah Sa manéh Sa "
Raisa  : “ Naha urang ? maranéh wé atuh “
Rini    : “ Geus lah hayu babarengan .. moal éléh ieuh"
Diana : “ Nya heueuh hayu"
          Ahirna kelompok urang Cihangseur nunjukeun kamampuannana yen manehna bisa dance.
          Sanggeus urang Kampung Cihangseur nunjukeun dance . Urang Sukamiskin  nunjukeun kaulinan tradisionalna nyaéta Caca burangé. Nu jadi ucing, kudu tapak deku (sujud) tonggongna dipake tempat ku pamaén séjén keur ngalaksanakeun kaulinanna. Carana, batu leutik dikurilingkeun bari nembang, laguna kieu

                   caca burange burange tali gobang,
                   gobang pancarange anak gajah tulalean
                   Jing gojing léwé léwé
                   Jing gojing léwé léwé

Raisa  : “ Hih naon nu kitu teu rame. Naon alusna ( bari sinis ) "
Siti    : “ Atuh teteh sok cobaan heula. Hayu ngiringan ! "
Raisa  : “ Ah embung teuing ngiluan nu kitu "
Dimas : “ Hayu Sa .. sugan we rame "
Raisa  : “ Tapi ..... "
          Ahirna Raisa dibetot ku Dimas sina ngiluan Caca burange. Reza,Rini,Diana ,Dimas , jeung Raisa arulin jeung urang kampung.
Reza : “ Ih ,,, geuning ramé nya.. "
Raisa  : “ Enya euy ramé ogé geuning”
Yoyo   : “ Tuh kan ceuk urang gé rame"
Raisa  : hmm.... enya atuh enya .. hampura nya .. urang kabéhan geus nyapélékeun maranéh"
Yoyo   : “ Muhun sip lah , ngan ulah kitu deui nya "
Raisa  : “enya moal kitu kitu deui"
Dimas : “Tah kitu atuh . Matak gé engké deui mah lamun acan apal kanyataan nu sabenerna mah ulah nyangka nu teu pararuguh.
Ahirna kelompok urang kampung jeung urang kota alakur tuluy silih hahampuraan.
Amanat :
1.     Jadi jelema téh ulah nyangka ka batur nu teu pararuguh saacan aya buktina
2.    Sanajan jaman ayeuna nyaéta jaman modern nu ngarobah barudak jadi indepénden.
 Tapi urang téh salaku urang sunda  kudu ngusahakeun bisa mikanyaah jeung miara kaulinan tradisional, ulah nepikeun ka éléh ku kaulinan nu modern. Sabab kaulinan tradisional leuwih ramé nyaéta  ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung loba pangalamannana .

Leave a Reply

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

// Copyright © Euis Permata //Anime-Note//Powered by Blogger // Designed by Johanes Djogan //

Terima Kasih Anda Telah Membaca Artikel
Judul:
Ditulis Oleh
Berikanlah saran dan kritik atas artikel ini. Salam blogger, Terima kasih